Preman Cepot


Basa rek indit ka kota, si Cepot anu katelah preman Bojongrangkong, dibejaan ku  Kang Maul, anu katelah ‘Anak Gaul’ tea, yen di kota mah lamun dahar teh make sop jeung bir hitam. Ari Sop dina mangkok, diuyup panas-panas. Ari bir hitam, dina botol warnana hideung.

Sanggeus nepi di warung, Cepot langsung menta Sop jeung Bir hitam tea.

Cepot     : “Cik menta eta sop na anu panas…”

Pelayan :  “Ieu mah cai teh, sanes sop ”

Cepot     : “ Mun ceuk aing sop, eta teh sop” (maklum preman embung disalahkeun)

Pelayan : “ Nya mangga atuh…..”

Sanggeus diuyup panas-panas, manehna mere komentar

Cepot   : “ Haneutna mah cukup, ngan kurang uyah Sop teh…,

” Cik eta Bir hitam kadieukeun…”

Pelayan: “ Ieu mah kecap atuh agan…..”

Cepot     : “ Mun ceuk aing bir, eta teh bir, gancang buka…”(bari molotot..)

Eta kecap beak sabotol ditotor sakaligus…..

Cepot    : “ Naha bir teh amis-amis teuing??…..”(bari tuluy kapiuhan.)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Connecting to %s