Ubar Raheut


Aya kuhanteu, mangkaning geus deukeut lebaran anak bu Yedi anu cikal
leungeunna bohak raheut, atuh puguh we bu Yedi rampang reumpeung neangan obat merah. Ras manehna inget ka palangdada, biasana mah didinya sok nangalang obat merah urut ngobatan alona disunat mangkukna. Barang ditempo teh sihoreng eusina geus garing, padahal obat merah eta teh mujarab pisan keur ngubaran raheut mah.

" Apana siteueul.... hudang geura, cik pangneangankeun obat merah model kawas kieu ka apotek Sukabumi !" ceuk si ema bari ngasongkeun botol obat merah ka salakina anu ka katelah Wa Yedi.

Wa Yedi kapaksa nguniang hudang, sanajan beuteungna keur meujeuhna pupurilitan nahan lapar jeung hanaang.

" Keur nanahaon atuh make nguruskeun obat merah sagala ?" Wa Yedi bangkenu rada jamedud

" Itu si Oded raheut , jung... Jung........ kadituh meumpeung baal keneh!"

Rada lila Wa Yedi nyiar obatna. Tapi teu lila tiharita kurunyung datang,leumpangna rumanggieung tur disasamping sarung, terus nyarita semu hariweusweus.

" Geus nananyakeun katiap apotek jeung sinsheh lebeng, cenah mah kudu katempat praktek paraji sunat, teu diengkekeun deui terus we indit, nepi ka dinya, ceuk paraji teh heug dibere meuli tapi kudu disunatan heula !"

" Beu mun kitu mah lapur atuh apana....tapi geuning eta dibere meuli ?" ceuk si ema heran basa ningali salakina ngasongkeun obat merah.

" Nya teu katingali kitu ?!" tembal Wa Yedi bari nyingkabkeun sarungna.

" Oh My God, Oh no...MY CUCAK ROWO!!!……..!" ari pek teh less si ema kapiuhan.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Connecting to %s